Tugas Monolog

Tegas Resta Natura
1608275
3c


BAB I
HAKEKAT RÉTORIKA
Wangenan Rétorika
            Istilah rétorika nurutkeun Kamus Besar Bahasa Indonesia (1998:746) nya éta: Kaparigelan ngagunakeun basa kalawan éféktif dina karangan; seni pidato nu ngirut sarta ngandung sipat bombastis.
            Rétortika raket patalina jeung dialéktika. Dialéktika mah nya éta babasan nu dipaké nyarita atawa dialog pikeun maluruh hiji masalah. Ari dialék mah seni mikirna, sangkan naon-naon anu dicaritakeun runtun, logis, jeung taliti nu dimimitian ku tésis, antitésis, jeung sintésis.
Tujuan Rétorika
            Rétorika ceuk Aristoteles mah nya éta persuasi. Pikeun nerapkeun strategi pérsuasi, Aristoteles nandeskeun yén panyatur kudu nétélakeun kalawan jujur ngeunaan bebeneran milah-milah mana nu bener jeung nu salah, ngayakinkeun mana nu alus jeung nu goréng. Salaku manusa naluri étis kitu kudu dilatih, sangkan jadi jalma jujur dina nyarita.
Fungsi Rétorika
             Arisoteles nétélakeun yén fungsi rétorika téh nya éta pikeun :
-  miharep sangkan jalma nu diajak nyarita bisa matotoskeun jeung nyindekkeun hiji masalah      atawa kasus anu disanghareupannana;
- ngaping kondisi kajiwaan paregep;
- mingpin jalma dina nganalisis hiji kasus kalawan sistematis,  éféktif, objéktif, tur pérsuasif;
- ngajarkeun cara-cara nu éféktif pikeun mertahankeun hiji pamadegan (Syafiie, 1988)
Mangfaat Rétorika
            Rétorika kacida pentingna sabab ngabogaan mangpaat pikeun: 1) ngaronjatkeun kaparigelan biantara lain ukur pikeun panyatur tapi ogé pikeun paregepna sorangan; 2) ngaronjatkeun kaparigelan akademik jeung profesionalisme; 3) ngaronjatkeun kaparigelan diri dina  ngayakeun hubungan sosial dina hirup kumbuh sapopoé di masarakat; 4) ngaronjatkeun kualitas komunikasi anu kiwari leuwih bébas jeung tanpa batas.


BAB II
SEJARAH KAMEKARAN RÉTORIKA
            Retorika kagolong salasahiji bagian élmu nu mekar kurang leuwih dua rébu taun ka tukang. Dina waktu anu sakitu panjangna, rétorika ngalaman rupa-rupa parobahan. Mekarna rétorika teu mulus banglus, tapi ngalaman ogé bangbaluh, diantarana ayana anggapan ti masarakat jaman harita nu nétélakeun yén rétorika salaku disiplin élmu nu taya mangpaatna.
2.1 Rétorika Klasik
            Élmu rétorika mimiti gumelar jeung mekar di jaman Yunani. Gumelar jeung mekarna rétorika di Yunani luyu jeung kondisi pajamanan harita, utamana dina widang pidato, nu mimiti lumangsung di sabudeureun rohangan pangadilan. Sanajan rohanganna kawatesan, masarakat harita geus pada sadar yén jalma nu pinter nyarita bakal mampuh mimpin nagara.
2.2 Rétorika Abad Pertengahan
            Dina abad pertengahan nkahiji (40-500) sistem pamaréntahan republik di Yunani baganti ku ayana pamaréntahan anu museur ka kawasan kaisar. Ku ayana sistem kakai-saran, kabébasan mikir, narita lianna anu patali jeung r etorika musnah. Ku kituna peranan retorika tina nyaritakeun masalah-masalah penting dina kahirupan ngeser jadi kagiatan nyarita nu ngutamakeun basa tinimbang eusi.
2.3 Jaman Renaisans jeung Humanisme   
            Jaman renaisans mekar di Italia. Mimiti abad ka 14 jeung ka 16 timbul deui ayana pamahaman kana retorika nu mekar di jaman Romawi – Yunani Kuno. Ti harita elmu retorika teh dimekarkeun deui. Kaum humanis harita pundah – pindah ti hiji universitas ka universitas, ti kota ka kota, jeung istana ka istana, sejenna pikeun nepikeun ceramah ngeunaan jamn Romawi jeung Yunani Kuno.
2.4 Retorika Modern
             Nepi ka jaman Renaisanse bisa disebutkeun teu kungsi aya pamikiran – pamikiran orisinal ngeunaan retorika. Pamikiran – pamikiran nu mekar dina mangsa modern umumna mangrupa pamahaman jeung panafsiran tina tiori – tiori retorika klasik.
2.5 Retorika Abad Ka-20
            Di awal abad ka-20 kajiaan ngeunaan retorika teu ngan ukur lumangsung di benua eropa, tapi oge di Amerika. Ahir abad ka-19 di Amerika diadegkeun paguron luhur nu muka jurusan ngeunaan kajian retorika. Dina taun 1914 sababaraha urang ahli retorika di sababaraha paguron luhur ngayakeun gempungan pikeun ngadegkeun organisasi ahli-ahli/guru-guru retorika.
                  


BAB III
ALIRAN RETORIKA
3.1 Aliran Retorika Neoklasik
            Garapan utama anu aya anu aya dina retorika neoklasik nya eta ngagali deui retorika klasik. Mahluk katut alam sabudeureunnana jadi bahan pangdeudeul pikeun nambah mamanis basa dina retorika neoklasik, nya satuluyna eta the mangrupa ciri retorika renaissance.
3.2 Aliran Belles Letters
            Sacara harfiah istilah Belles Letters ngandung harti karya tulis anu endah. Ieu aliran ngagabungkeun konsep-konsep retorika klasik jeung pamikiran-pamikiran anyar (modern).
3.3 Aliran Epistemologi
            Ieu aliran epistemology ngahubungkeun retorika jeung konsep-konsep anyar nu diformulasikeun dina filsafat jeung  psikologi. Sababaraha pamikiran Francis Bacon nu ngadasaran retorika aliran epistemology diantarana ieu di handap.
a)      Tugas jeung pungsi retorika nya eta pikeun nyeukeutkeun daya nalar jeumg imajinasi nu ngarojong kana karep nu hade dina komunikasi;
b)       Invention jeung discovery nyekel peran penting dina proses ngumpulkeun data sarta ngumpulkeun masalah;
c)      Panyatur saestuna nginget-nginget deui swawatara pangaweruh nu geus nyampak dina dirina nu dimangpaatkeun luyu jeung situasi retorika;
d)      Salila nyarita perlu merhatikeun  opat ha lieu.
1.      Color of good and evil nya eta hakekat hade jeung goring
2.      Antitheta nya eta pasangan daftar pernyataan nu patukang tonggong
3.      Formulae nya eta perumusan
4.      Apothegms nya eta pernyataan ringkes atas rumusan
3.4 Aliran Elocutionary
            Aliran Elocutionary museurkeun kajian kana salasahiji  aspek penting sarta can dikaji tuntas dina retorika, nya eta aspek delivery kalawan alesan-alesan saperti ieu.
a)      Make basa lisan di lembaga pamarentahan, dina mimbar akademik, dina hutbah jeung kagiatan agama sejenna ngandelkeun pisan aspek delivery.
b)      Nalungtik cara jalma nyarita, kayanung ngucapkeun sora basa, paroman, gerakna anggota awak mangrupa upaya pikeun ngalegaan wawasan retorika nu mangrupa bagian tina karakterna.
c)      Aspek delivery mangrupa bagian tina aspek retorika modern sarta can teleb dipaluruh nepi ka tuntasna.


BAB IV
RETORIKA MINANGKA ELMU
            Elmu pangaweruh sacara umum dikelompokkeun jadi tilu bagian, nya eta : kelompok elmu alamiah (natural science), elmu sosial (social science), jeung pangaweruh budaya (the humanitis).
4.1    Sawangan Ontologi
            Aristoteles dina Martha (2012:48) netelakeun yen objek, pasualan, atawa masalah anu dikaji dina retorika bisa digambarkeun kalawan sistematis sakumaha widang elmu nu sejenna.  Sacara umum nu jadi objek, poko pasualan, atawa masalah anu dikaji dina elmu retorika nya eta manusa jeung caturnaana atawa kagiatan nyaritana. Satuluyna eta pokok pasualan teh diwatesan jadi sababaraha hal, nya eta : 1) sawangan retorika manusa salaku panyatur, 2) sawangan retorika kana kagiatan nyaritana 3) sawangan retorika kana basana, 4) sawangan retorika kana topik nu dicaritakeun, jeung  5) sawangan retorika ngeunaan nyarita.
4.2    Sawangan Efistimologi
            Elmu retorika oge ngabogaan metode nu tangtu, utamana nu patalina jeung metode atawa cara nangtukeun jeung midangkeun bebeneran dina nyarita. Aristoteles nepikeun pamadeganna yen retorika ngasongkeun metode anu mampuh pikeun ngalancarkeun dina maluruh bebeneran, ngajarkeun jeung neruskeuneta bebeneran ka masarakat pikeun ngabina kahirupan anu leuwih unggul, sarta ngajarkeun perilaku wijaksana.
4.3    Sawangan Aksiologi
            Retorika ti zaman Yunani geus natrat maqngpaatna pikeun kahirupan masarakatna. Kitu deui zaman kiwari, salaku elmu retorika mangpaatna lain ukur dina widang kaparigelan basa tapi oge pikeun ngarojong kana lumangsungna kaharmonisan hubungan social. Ku lantaran kitu, mangpaatna retorika teu bisa dileupaskeun dina tujuan jeung fungsina, sakumaha ilaharna hiji elmu.

BAB V
UNSUR – UNSUR RETORIKA
5.1 Pedaran
            Kualitas pedaran minangka salasahiji unsur retorika anu bisa mangaruhan kana kualitas eusi caritaan panyatur. Upamana dina milih topic jeung tujuan, sumber topic nu dicokot ku panyatur bisa rupa-rupa sumber, kayaning pangalaman pribadi kalangenan, kaparigelan, pakasaban, atikan si sakola atawa di kampus, sawangan pribadi, bewara anyar, biografi, kajadian husus, atawa minat masarakat.
5.2 Gaya Basa
            Gaya basa nya eta wanda ekspresi basa dina nepikeun pesen boh dina puisi atawa cara panyatur/pangarang dina nepikeun omongan. Gelarna gaya basa teh raket patalina jeung suasana kajiwaan nu make basa, ku kituna gaya basa nu dipake bisa ngagambarkeun suasana kajiwaan panyajak.
5.3 Komposisi
            Dina nyusun pidato, panyatur kudu nangtukeun komposisi retorika anu jelas. Pileun menangkeun komposisi nu hade aya tilu prinsip komposisi, nya eta:
a.    Dalt (unity), mangrupa hiji beungkeutan anu lengkap anu ngawengku eusi, tujuan, jeung sipat (mood).
b.    Hubungan (cohenrence), nuduhkeun ayana runtuyan nu ngahubungkeun babagean retorika sarta aya patula-patali jeung nu sejenna.
c.    Jejer caritaan (titik berat/empasis), nunjukeun panyatur kana bagean penting kudu diperhatikeun.

BAB VI
PAMAREKAN RETORIKA

6.1. Pamekaran Ma’na
I.A Richard salah saurang ahli basa nepikeun pamanggihna ngeunaan ma’na basa salaku alat komunikasi masarakatna dina sapopoe. Kalwan singget ieu dihandap ditetelakeun sababara hal nu patalina jeung ma’na nu diasongkeunana:
a.    Retorika salaku kajian ngeunaan kasalahpahaman katut upaya/tarekahna pikeun mahing sangkan teu timbul kajadian ayana kasalahpahaman.
b.    Kagiatan ngarespon jeung nyurahan informasi ku cara nganalisis, ngelompokkeun, jeung ngabandingkeun jadi pangalaman bakal jadi eunteung atawa contongebrehkeun persepsi dina kagiatan nyarita atawa ngarespon informasi satuluyna.
c.    Kecap mangrupa simbol nu ngawakilan atawa nu ngca kana barang, hal, atawa maksud anu dituju.
d.    Ma’na (meaning) nu dipake atawa ditujukeun kana hiji hal gumantung kana pangalamn urang dina mangsa ka tukang.
e.    Sanajan persepsi kana unsur simbol/kecap sarta unsur referent sarua, tapi persepsi kana unsur referent masing-masing mah gumantung kana pangalaman jeung kaweruh ngeunaan basa panyatur jeung paregep.
f.     Ngagunakeun metafora, babandingan atawa referent pikeun hiji hal atawa barang kaasup perkara nu penting dina kagiatan nyarita sabab bakal museurkeun konsentrasi salila komunikasi.
6.2. Pamekaran Ajen
Retorika dina abad ka-20 leuwih neueulkeun kana etika, di sagedengeun milih jeung nyusun struktur pesen atawa materi informasi anu dideudeulkeu ku pangaweruh, pangalaman, jeung kamampuh dina kagiatan komunikasi. Konsep-konsep dasarna sakumaha pedaran ieu dihandap.
a.       Etika bisa disebutkeun mangrupa hasil pamikiran anu sistematis nu aya patalina jeung jawaban nu didasaran ku pananya ngeunaaan hade jeung goring, bener jeung salah sarta kawajiban-kawajiban moral sejenna.
b.      Retorika kudu merhatikeun sustansi wicara nu ngawengku tilu hal, (1) pedaran materi wicara kudu ngawangun hiji putusan anu idasaran ku tarekah pikeun ngarespon kana itngkah laku nu luyu jeung kontek katut kabiasaan umum; (2) pedaran kudu nembongkeun rupa-rupa gambaran hasil tinimbangan anu malire kana ajen-inajen nu aya; (3) nimbang-nimbang pibasaeun pikeun nepikeun bahan picaritaeun kacida pentingna sanajan lain hiji-hijina hal anu diperhatikeun dina retorika.
c.       Substansi retorika nya eta hasilnalar nu hade sedengkeun ciri utama retorika etika nyarita atawa tata karma basana.

Sababaraha pituduh nerapkeun etika dina retorika
1.    Ngutamakeun kapentingan paregep tinimbang kapentingan pribadi;
2.    Sawajarna sarta ngajauhan sikep anu kamuflase;
3.    Nepikeun saran-saran anu matak nyaangkeun pikiran paregepna;
4.    Gunakeun basa anu jelas, tegas, sarta pinuh ku kawijaksanaan;
5.    Nembongkeun sikep anu netral, teu cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng;
6.    Dina retorika jujur ka diri pribadi samemeh ngebrehkeun kajujuran ka nu sejen ngeunaan hiji hal;
7.    Ulah ngahalalkeun sagala cara enggoning ngahontal tujuan
6.3. Pamekaran Motif
1.    Motif mangrupa tanaga anu ngadorong jeung mangaruhan komunikator dina retorika.
2.    Sumber-sumber nu jadi rujukan jadi motif kuat anu ngrojong kalancaran persuasi dina kagiatan retorika.
3.    Fungsi dasarretorika nya eta basa anu digunakeun dina paristiwa komunikasi pikeun ngaronjatkuen sikep anu tangtu jalma sejen;
4.    Konsep dasar retorika nya eta persuasi, tapi sangkan maksud caritaan nepi ka paregepna;
5.    Sangkan materi nu diinformasikeun kaharti, motif nyaluyukeun diri masing-masing komunikan perlu dibina dina kagiatan retorika.
6.4. Pamekaran Cara pikeun Nyangking Pangaweruh
Unsur anu kawilang penting dina retorika nya eta manggihan masalah. Sababaraha konsep pikeun maluruh pangaweruh atawa bebeneran anu ditepikeun ku Robert Scott, Douglas Enhinger, Way Brockiede, Richard D. Rieke, jeung Ernest Borman ieu dihandap.
1.    Ambahan (ruang lingkup) retorika ngawengku sakabeh proses argumentasi ti mimiti maluruh nepi ka manggihan materi, nyusun materi jeung masalahna.
2.    Saestuna sawala/debat mangrupa cara nu merenah pikeun retorika, lantara sawala/debat ngandung sifat kritis, media pikeun nalaah masalah, bisa dimekarkeun kalawan kooperatif katimbang kompetitif.
3.    Kagiatan nu dilakukeun saestuna lain nepikeun bebeneran (truth) tapi nyiptakeun bebenran.
4.    Retorika mangrupa jalan pikeun nyangking jeung nyiptakeun pangaweruh jeung bebeneran.
5.    Dina proses komunikasi, kamupakatan intelektual antara komunikator jeung audience bisa diciptakeun sanggeus proses retoris lumangsung dina kagiatan komunikasi.


BAB VII
TOKOH-TOKOH RETORIKA
Mekarna Retorika Klasik teu bisa dilepaskeun jeung andil para tokoh, di antarana Kaum Sophist. Istilah Sophis sacara harfiah ngandung harti ‘mawa kawijaksanaan’ nu dina basa Yunani mah harti Sophis tehhartina ‘pangaweruh’ tina kecap Sophos.
7.1.  Gorgias
Gorgias ngawanohkeun pentingna sora basa salaku unsur nu nguatan kana tuturan atawa ucapan. Gorgias ngabogaan pamadegan yen unsur stilistika utamana aliterasi, asonansi, antithesis, jeung paralelisme bisa mageuhan kana ciri persuasi dina hiji prosa. Ku sabab kitu prosa kudu merhatikeun gaya basa.
7.2.Isocrates
Isocrates saurang tokoh nu ngasongkeun pamadeganana yen retorika the mangrupa hiji kamampuh sewni, proses kreatif, jeung mangrupa elmu nu kaidah-kaidahna teu kaku.
7.3.Plato
Plato, saurang tokohnu kawentar ahli dina widang pilsapat sarta gede pangaruhna. Pikiran-pikiran Plato nepi ka kiwari ngawarnaan mekarna elmu pangaweruh.
7.4.Aristoteles
Tokoh retorika klasik nu sejenna nu kacipta gede pisan pangaruhna nya eta Aristoteles, muridna Plato. Di awalkamekaran karirna Aristoteles madom kana pamikiran-pamikiran Plato. Sanggeus manggihan pamikiran anyar, Aristoteles leuwih cerdas dina rupa-rupa widang elmu pangaweruh, nu di antarana filsafat, hukum, politik, biologi, linguistik,jeung sajabana.
7.5.Cicero
Tokoh nu kawentar sanggeus Aristoteles nya eta Cicero jeung Quntilan. Cicero nu dilahirkeun di Itali taun 106SM the turunan masarakat biasa nu gede perhatianana kana pendidikan.
7.6.Quintilan
Quintilian dilahirkeun  di Spanyol taun 30SM. Quintilian ngabogaan kasang tukang pendidikan nu nyongcolang. Karya Quintilan nu kawentar mangrupa buku nu judulna “Instituo Oratoria” nu eusina ngeunaan tiori jeung aspek-aspek pendidikan retorika.
7.7.James A Winans
Saurang perintis psikologi modern nepikeun pidatona. Bukuna, Public Speking, medal taun 1917 nu ngagunakeun teori psikologi ti William James jeung E.B Tichener.
7.8.Charles Henry Woolbert
Woolbert kaasup saurang pendiri the Speech Communication Association of America. Aspek kajian psikologi nu mangaruhanana nyaeta behaviorisme ti John B. Watson.
7.9.William Noorwood Brigance
Beda jeung Woolbert nu neueulkeun perkara logika dina retorikana, Brigance mah leuwih ngutamakeun factor kahayang minangka dadasar persuasi. “Kayakinan”, ceuk pamanggih Brigance mah, jarang mangrupa hasil pamikiran.
7.10.   Alan H. Monroe
Monroe nulis buku nu judulna Principles and Types of Speech. Loba nu ngagunakeun bukuna dina pertengahan tahun 20-an. Jasa Monroe nu kawilang gede nya eta cara ngaorganisasi pesen. Ceuk Monroe, pesen kudu disusun dumasar proses mikir manusa nu disebutna motivated sequence.







BAB VIII
RETORIKA JUENG KOMUNIKASI
Retorika mangrupa hiji proses komunikasi anu dinamis. Ieu proses lumangsung sabab ayana pangabutuh manusa pikeun ngalakukeun kagiatan komunikasi dina kahirupanana. Pikeun ngalaksanaeun eta komunikasi teh, manusa ngabogaan rupa-rupa media, di antarana basa. Ceuk katerangan Syafe’I (1988, hlm 37) ti 200 ka tukang nepi ka kiwari yen basa minangka media nu digunakeun pikeun kajian ngagunaan retorika. Boh dina komunikasi lisan boh tulis, hakekat retorika teh mangrupa proses komunikasi anu ngabogaan sistem (sistematis).
Substansi retorika nya eta:
1)   Panalaran nu hade, nya eta sangkan bisa nyusun materi nu rek dipindangkeun  katut milih jeung nyusun argumen;
2)   Sajumlah materi nu bakal digunakeun dina nepikeun pesen-pesen;
3)   Basa jeung sagala aspekna nu digunakeun salaku wadah pikeun midangkeun materi, ide, argumen, jeung sajabana dina proses encoding;
4)   Etika nu bakal ngatur sakur perilakuna dina proses retoris.
Nepikeun pesen komunikasi dina proses retoris bisa dilaksanakeun ku cara langsung (direct) jeung teu langsung (indirect). Pesen nu ditepikeun kalawan langsung bisa ku cara adu hareupan (face to face), sedengkeun cara teu langsung dilakukeun ngagunakeun saluran (channel) nu tangtu, kayaning media cetak, telepon, radio, tv, jeung sajabana.

BAB KADUA: MONOLOG
BAB IX
MONOLOG
Monolog salasahiji wangun nyarita saarah. Dina monolog teu kungsi aya interaksi komunikasi antara panyatur. Hartina kagiatan nyarita dilakukeun ku saurang panyatur. John M. Echol jeung Hasan Shadily dina Kamus Inggris-Indonesia (1988, hlm 385) nuliskeun harti kecap monolog (monologue) the nya eta nyarita sorangan. Istilah monolog mimiti diwanohkeun kira-kira taun 60-an. Di Hollywood, persisna taun 1964 mekar jadi sarana seni jeung teater. Monolog mindeng kapanggih dina pintonan film-film komedi, horror, jeung sajabana. Salah saurang tokoh nu ngagas monolog nya eta Charlie Chaplin.
Monolog dina seni adegan kayaning drama atawa sandiwara tunggal biasana midangkeun paguneman nu dilakukeun ku saurang palaku tunggal. Dina seni sastra, upamana dina dongeng, carpon, atawa sajak mah diwangun ku kecap-kecap atawa omongan nu diebrehkeun pikeun ngagambarkeun kaayaan nu karandapan saurang tokoh, boh dirina boh jalma sejen.



BAB X
HAKEKAT NYARITA
10.1. Nyarita Mangrupa Proses Komunikasi
Sangkan informasi anu dilisankeun bisa nepi kalawan luyu jeung anu dimaksud, mibutuh pasaratan nya eta nyumponan padikana dina nepikeun eta informasi. Ku kituna, dina proses nepikeun informasi lisan salian ti kudu nyangkem pangaweruh basa, oge kudu nyumponan pasaratan sejen, di antarana wae:
a.       Kawani nepikeun gagasan atawa pamadegan.
b.      Nepikeun gagasan kalawan anteb (tenang).
c.       Mampuh nyarita kalawan lancer.
d.      Nembongkeun paripolah anu teu kaku, luwes.
e.       Pasemon jeung petaanu someah, darehdeh.
Dina kagiatan komunikasi teh boh nu nyarita boh nu diajak nyarita amsing-masing lain wungkul kapangaruhan ku sakur nu geus dikedalkeun jeung diregepkeunana, tapi oge kapangaruhan ku naon anu aya dina jero pikiranana jeung suasana sabudeureunana, geura ilikan ieu guluyuranana dina gambar dihandap.
 
Dina proses komunikasi di luhur katingali antara panyatur atawa nu  nyarita jueng pamiarsa teh aya hubungan timbal balik atawa silih papag (reciprocal). Kagiatan komunikasi ilahar dina kagiatan sapopoe lumangsung ngaliwatan basa. Gerak-gerik bagian anggota badan, saperti unggeuk, gudag/gigideug, gogodeg, ngagupay, ngiceup, nunjuk, jeung rupa-rupa isarat sejenna kaasup bagian tina kagiatan komunikasi. Komunikasi lisan disebut nyarita. Nyarita mangrupa salasahiji kamampuh ngagunakeun basa  anu dipibanda ku unggal jalma.
10.2. Watesan Nyarita
Sok sanajan nyarita geus jadi kabiasaan anu menceuh pikeun unggal jalma anu normal, tapi ari pikeun ngahontal kaparigelan nyarita mah angger wae kudu diajar jeung dilatih. Istilah nyarita upama ditilik sacara heureut sarua jeung catur, nyatur ngomong, nyarios, cacarios, nyanggem, sasanggem.
Sawatara hal anu penting dina kagiatan nyarita, kayaning:
a)      Aya pihakanu nepikeun maksud, disebutna nu nyarita (sender);
b)      Aya pihak anu narima maksud, disebutna anu diajak nyarita (receiver);
c)      Aya parabot geusan nepikeun eta maksud, nya eta basa lisan;
d)      Aya maksud anu ditepikeun ku anu nyarita sangkan kahartieun ku anu diajak nyarita (paregep).
10.3. Tujuan Nyarita
Tujuan umum:
1)      Ngarojong,
2)      Ngayakinkeun,
3)      Migawe/milampah hiji hal,
4)      Ngalaporkeun atawa nepikeun informasi,
5)      Ngabubungah atawa ngahibur batur, Jste.
Dumasar kana elmu komunikasi, tujuan nyarita nya eta:
1)      Nepikeun informasi/ngajar/ngalatih,
2)      Mere sumanget/ngarojong,
3)      Ngarayu/ngolo/ngayakinkeun,
4)      Nalungtik,
5)      Ngahibur,
6)      Runding/badami/debat.
Nyarita anu tujuanana pikeun ngalaporkeun bisa mangrupa:
1)      Ceramah, kuliah (lecture),
2)      Nyaritakeun pangalaman nyanyabaan (travelogue),
3)      Bewara, maklumat (announcement),
4)      Laporan (report)
5)      Instruksi, pangajran (instruction)
6)      Ngagambarkeun hiji adegan atawa pamandangan (description of sense)
7)      Nyalonkeun, ngangkat nunjuk saurang nu diunggulkeun (nomination)
8)      Nyaritakeun, muji saurang jalma anu geus taya dikieuna (eulogy)
9)      Ngabodor, ngalucu, guyon, banyol (anecdote)
10)  Ngadongeng, ngariwayatkeun (story)

Fungsi nyarita:
·         Miara hubungan social
·         Ngarawat/ ngariksa warisan budaya
·         Ngarealisasikeun diri
·         Dinamika social
·         Mindahkeun ajen budaya
10.4. Mangpaat Maher Nyarita
Lancar jeung maher nyarita disebut oge eluctio (basa Yunani). Eluctio atawa maher nyarita diperedih pisan dina retorika mah. Pamingpin anu maher nyarita bakal hasil dina ngawa jeung mangaruhan jalma-jalma anu dipingpinna. Sajarah ngabuktikeun, saperi Bung Karno, Demostehnes, Socrates, J. Caesar, St. Agustinus, Marthin Lutehr, JF Kennedy, jeung rea-rea deui mangrupa conto pamingpin jeung ahlki piker nu maleher dina nyarita, sarta kawilang hasil dina mingpin masarakatna.
Mangpaat maher nyarita nyarita, nya eta:
1)      Ngurangan rasa keder, waswas, jeung gugup dina nyanghareupan jalma rea;
2)      Ngalatih numuwuhkeun kapercayaan diri;
3)      Ngalatih tehnik sora, artikulasi;
4)      Nyangking daya persuasi;
5)      Ngabina kamampuh pedagogis jeung psikologis;
6)      Nambahan pangaweruh kabeungharan kecap;
7)      Ngabina kamampuh ngaekspresikeun diri, saperti pasemon jeung gerakan nonverbal salila nyarita atawa dialog;
8)      Teu apriori jeung mampuh ngahargaan jalma anu keur cacarita;
9)      Ngalancarkeun dina proses komunikasi;
10)  Teu hese dina mangaruhan jalma sejen;
11)  Miboga sikep silihajenan;
12)  Mibanda sikep positif ka sasama;
13)  Teu hese ngayakinkeun jlma rea sabab bisa ngebrehkeun eusi hate atawa buah pikiran anu singget, jentre tur pepel;
14)  Parigel sarta mibanda kakuatan dina martahankeun pikiran atawa pamadegan;
15)  Bisa ngabina hubungan (relasi) nu nguntungkeun kana jabatan, organisasina atawa partey politkna;
16)  Ngalegaan pangaweruh hususna ngeunaan sumber informasi
17)  Teu cupet jeung nutup diri;
18)  Nganteur kana widang interest nu anyar;
19)  Mibanda sikep objektif jeung toleran; sarta
20)  Lancar dina campur gaul jeung komunikasi papada jalma.




BAB XI
NYARITA EFEKTIF
11.1 Nyarita Efektif
            Nyarita nu efektif nya eta nyarita nu jelas, puguh entep seureuhna, aya topik anu dipedar, puguh antara tujuan jeung nu dicaritakeun. Nyarita efektif lain nyarita anu panjang lebar bari ngayayay. Nyarita teu perlu panjang, tapi nu penting poko pikiran nu geus direncanakeun bisa katepikeun ka pamiarsa.
Nurutkeun Aristoteles unsur - unsur anu penting  dina nyarita teh aya lima, nya eta :
1)      Gagasan utama anu jadi jejer pedaran;
2)      Gaya atawa basa nu digunakeun;
3)      Susunan atawa entep seureuhna gagasan – gagasan;
4)      Kumaha cara midangkeunna;
5)      Kamampuh nalar.
11.2 Sikep Nyarita
            Saurang panyatur kudu merhatikeun sikepna salila nyarita. Tangtungan jeung sikep panyatur mangrupa baris leuwih ti heula katangen ku paregep atawa nu diajak nyarita. Nu pangheulana diperhatikeun ku paregep biasana sok nengetan pangadeg panyaturna.
1.      Pasemon jeung paneteup
2.      Ningalikeun gaya basa jeung gerak – gerik anu wajar
3.      Percaya diri
4.      Merhatikeun basa nu digunakeun
5.      Nyangking bahan
6.      Ngawasa pamiarsa/paregep
7.      Nyugemakeun pamiarsa/paregep
11.3 Stuktur Bahan Caritaan
Stuktur caritaan kudu logis, gampang kaharti, sarta luyu jeung pangabutuh pamiarsa.
1.      Bubuka
2.      Eusi :
a.       Maluruh masalah jeung cara ngungkulannana
b.      Urutanna merele/kronologis
c.       Topikal
d.      Spasial
e.       Tiori – Praktek
f.        Testimoni



BAB XII
PANGAJARAN NYARITA
12.1 Ragam Seni Nyarita
            Ragam nyarita dibagi jadi dua bagian, nya eta nyarita di harepeun masarakat umum jeung nyarita dina kagiatan sawala atawa gempungan husus.
1.    Nyarita di hareupeun masarakat umum
a.    Nyarita pikeun ngalaporkeun nu sipatna impormative
b.    Nyarita pikeun kapentingan keluarga jeung sosobatan
c.    Nyaritakeun pikeun ngayakinkeun, ngadongsok, ngajak
d.    Nyarita pikeun ngabadamikeun, ngarundingkeun, atawa nyawalakeun
2.    Nyarita dina acara sawala atawa gempungan husus
a.    Sawala (diskusi) kelompok
1.    Teu resmi (informal)
-Kelompok diskusi
-Kelompok nu nangtukeun kawijakan
-Komit
2.    Resmi
-  Konferensi
-  Diskusi panel
-  Simposium
b.    Prosedur parlementer
c.    Debat
12.3 Nyarita dina Pangajaran Basa
            Dina widang pangajaran, nyarita mangrupa kagiatan komunikasi lisan. Aktivitas pembelajaran bisa mangrupa:
-       Nyarita pikeun ngebrehkeun pamadegan, gagasan, pangaweruh, jeung kahayang,
-       Nyarita ngeunaan rasa jeung pangalaman,
-       Pidato, ngadongeng,
-       Diskusi/sawala,
-       Nyarita dina kalungguhan salaku pangatur acara,
-       Ngawawancara,
-       Nyarita dina telepon,
-       Ngobrol, ngawangkong, silih – tanya, paguneman, jeung sajabana.
12. 3 Metodeu Nyarita
Metode nyarita anu ceuk Mulgrave dina Tarigan, (1981: 22-23) dibagi jadi opat rupa, nya eta :
1)      Metodeu ngadadak (impromtu)
2)      Metodeu naskah (manuscript)
3)      Metodeu tanpa persiapan (ekstemporaneus), jeung
4)      Metodeu ngapalkeun (memory)
12.4 Metodeu Pangajaran Nyarita
Metodeu pangajaran nyarita dibagi jadi tilu bagian, nya eta :
1)      Metodeu terpimpin
2)      Metodeu Semi Terpimpin
3)      Metodeu bebas
12.5 Nyarita Bebas jeung Paribasa
12.6 Nyarita Pragmatik
1) Bagbagan Makena Basa
2) Aspek – aspek pragmatis
3) Tatakrama dina nyarita
BAB XIII
BIANTARA

13. 1 Watesan Biantara
            Biantara atawa pidato nya eta nyarita di hareupeun balarea, jalma rea (Sacadibrata, 2005:72). Dina biantara anu nyarita mangrupa tokoh anu jadi puseur paninggal balarea. Teu beda jeung artis anu keur manggung, sakur ucap jeung paripolah nu nyarita teu lepas  tina paniten pamiarsa (balarea). Maksud jeung tujuan biantara teh nya eta teu ngan saukur jadi tontonan  tapi ngandung tujuan pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti.
13.2 Rupa-rupa Biantara
1. Kasempetan nu tangtu
2. Kasempetan resmi
3. Pasamon informative
13.3 Tujuan Biantara
            Tujuan biantara gumantung kana nu nyarita. Tujuan pokok dina biantara nya eta pikeun koomunikasi (Tarigan, 1981:15). Biantara oge mibanda tujuan mere katerangan atawa mapagahan, nu ditujukeun ka jalma rea atawa diucapkeun di hareupeun jalma rea (Hadinegoro, 2003:4).
13.4 Sistematika jeung Metodeu Biantara
            Sistematika nyusun biantara diantarana wae, 1) Ngucapkeun salam bubuka; 2) nepikeun bubuka anu biasa diucapkeun ku ucapan hatur nuhun, ungkapan kagumbiraan atawa rasa syukur; 3) nepikeun eusi biantara, anu diucapkeun jentre kalawan ngagunakeun basa Sunda nu hade nurutkeun ejahan basa Sunda; 4) nepikeun kacindekan eusi biantara sangkan gampang dicangkeum ku nu ngaregepkeun; 5) salam panutup.

13.5 Ciri-ciri anu Hade
            Aya sababaraha ciri nu bisa dijadikeun kriteria yen biantara teh miboga ajen anu hade atawa goring. Herdikus (1993:48), sabada ditarjamahkeun nyebutkeun yen aya salapan ciri anu bisa dijadikeun ajen hade atawa goreng. 1) Saklek; 2) Jelas; 3) hirup; 4) ngabogaan tujuan anun jelas; 5) ngabogaan gaya klimaks; 6) malikan deui; 7) ngandung surprise 8) ringkes tapi munel; 9) aya variasi humor.
13.6 Tehnik Muka jeung Nutup Biantara
13.7 Wangun Biantara
1) Orasi
2) Hutbah
3) Ceramah
13.8 Numuwuhkeun Karep Pamiarsa
Aya henteuna interest ti pamiarsa bisa katangena saupama :
1.      Pamiarsa jemling, henteu galider tembong sorot rasa hormat, saregep;
2.      Tembong ekspresi roman anu anu wajar, nyirikeun keur ngabandungan;
3.      Pamiarsa nembongkeun respon-respon sejen anu merenah (bareng seuri, bareng keprok);
4.      Pamiarsa ngasongkrun panalek anu keuna (henteu mengpar), boh menta gajembaran boh menta menta ngeceskeun deui dina sawatara hal atawa kacinddekan;
5.      Pamiarsa nembongkeun sopan santun anu wajar dina waktu nanya. (Iskandarwassid)

BAB XIV
KRITERIA AJEN NYARITA
            Hal-hal anu jadi sarat parigel dina nyarita ngawengku sababaraha aspek, diantarana: 1) nerangkeun pokok caritaan; 2) kacangking henteuna bahan; 3) sistematika medar bahan; 4) wirahma/intonasi/lentong nyarita; 5) lafal; 6) milih kecap/diksi/kabeunghran kecap, 7)  paselapna kecap tina basa sejen, upamana basa Indonesia jeung nu sejenna; 8) paselapna kalimah tina basa sejen; 9) tatakrama basa atawa undak-usuk bas; 10) volime sora; 11) tagog/rengkuh nyarita; 12)kontak jeung pedaran naskah; 13) kualitas naskah, jeung ; 14) ecesna mear dina nyarita.

BAB XV
DIALOG
15.1. Wangenan Dialog
            Nurutkeun elmu komunikasi anu disebut dialog (dialogika), nya eta elmu ngeunaan rupa-rupa kagiatan nyarita nu dilakukeun ku papada jalma. Dialog disebut oge paguneman (dina sandiwara, carita, jeung sajabana); dialog bisa oge mangrupa karya tulis nu dipidangkeun dina wangun paguneman antara dua tokoh atawa leuwih (KUBI, 1996, kc 204). Tujuan dialog nya eta pikeun ngebrehkeun kateulogisan (hal-hal anu teu kahontal ku pikiran pribadi).
            Dialog disebut oge sawala. Dina kagiatan komunikasi sapopoe, sawala ngandung harti obrolan nu dilakukeun ku sababaraha urang jalma pikeun silih tukeur pikiran jeung pangalaman, silih bejakeun informasi, silih tepikeun pamadegan, silih ebrehkeun eusi hate kalawan dicirian ku ayana nu nanya jeung nu ngajawab.
15.2. Prinsip-prinsip Dialog
Brooks dina Tarigan (1981, kc 16) netelakeun prinsip-prinsip nu kudu aya dina kagiatan dialog:
1)   Ngabutuhkeun paling saeutik dua jalma;
2)   Ngagunakeun tanda-tanda (sandi) linguistik anu kaharti ku partisipan atawa panyatur jeung paregep;
3)   Narima atawa sapuk kana rujukan (referensi) umum;
4)   Mangrupa hiji kagiatan silih tukeur antar partisipan atawa nu kalibet dina kagiatan dialog;
5)   Ngahubungkeun unggal panyatur jeung panyatur boh jeung lingkunganana;
6)   Materina dipatalikeun jeung kabutuh atawa kayakinan kakiwarian;
7)   Leuwih ngutamakeun ayana kontak antar panyaut atawa teu ngaliwatan media sejenna;
8)   Ngutamakeun prinsip keadilan, teu pandang bulu atawa cueut ka nu hideung ponteng ka nu koneng.
15.3. Unsur-unsur nu Ngawangun Proses Dialog
Dina prungna dialog, aya sawatara unsur anu perlu diperhatikeun sangkan nyumponan kaedah-kaedah kalawan sistematis jeung pragmatis, nya eta:
1)   Ngabadamikeun hiji topik;
2)   Tumuwuhna kasadaran pentingna ngarengsekeun masalah;
3)   Masing-masing boga hak nepikeuin pamadeganana;
4)   Leuwih ngutamakeun rasional tinimbang emosional;
5)   Dibarengan nu ayana rasa kagumbiraan;
6)   Aya kasanggupan pikeun kompromi;
7)   Patuh kana tata tertib sawala;
8)   Maham kana masalah anu disawalakeun;
9)   Sanggup mikir bebas jeung lugas;
10)    Maher ngaregepkeun, ngajentrekeun, jeung nganalisis;
11)    Sanggup narima pamadegan batur anu bener;
12)    Parigel nanya jeung nolak pamadegan batur kalawan lugas.

15.4. Rupa-rupa Wangun Dialog
            Rupa-rupa wangun dialog anu baris dipedar, di antarana diskusi panel, brainstorming, debat, simposium, kolokium, fishbowl, siding, buzz group, policy making group, jeung roll play. Sababaraha istilah nu ditataan dina rupa-rupa eta wangun dialog bisa dipake dina kagiatan diajar ngajar anu ilaharna disebut model pangajaran kooperatif. Pikeun maluruh tiori ngeunaan model pangajaran kooperatif salengkepna bisa neuleuman rupa-rupa buku bacaan nu medar perkara model-model pangajaran.

BAB XVI
SAWALA KELOMPOK
1.      Diskusi panel, hiji kagiatan sawala nu diwangun ku sababaraha urangpanelis salaku narasumberna.
2.      Brainstorming, salah sahiji metode sumbang saran dina raraga meunangkeun gagasan, pamadegan, informasi, pangaweruh, pangalaman, ti para pamilon anu kalibet dina eta sawala.
3.      Debat, kagiatan adu argumentasi antara dua pihak atawa leuwih, boh nu dilakukeun sacara individu boh kelompok pikeun nyawalakeun jeung mutuskeun masalah jeung bedana pamadegan.
4.      Symposium, sawala anu dijejeran ku sababaraha urang ahli pikeun nepikeun biantara ngeunaan rupa-rupa jejer caritaan tina hiji tema,sarta nu lilana diwatesan.
5.      Kolikolium, salah sahiji jenis sawala anu tujuanna pikeun ngarengsekeun rupa-rupa pasualan nu aya dina hiji jejer anu jolna ti pamilon atawa paregep.
6.      Fishbowl, salah sahiji sawala kelompok nu diwangun ku sababaraha urang peserta nu dipingpin ku hiji pupuhu pikeun neangan hiji kaputusan.
7.      Sidang, hiji riungan dina raraga ngamusawarahkeun hiji perkara pikeun ngahontal mupakat.
8.      Buzz grup, sawala kelompok leutik pikeun ngungkulan pasualan dilakukeun ku cara  silih tukeur pikiran sacara sistematis
9.      Policy making group, kelompok gawe anu tugasna mere ajen, nimbang-nimbang hiji pasualan. biasana kapanggih dina kagiatan kelompok juri, atawa panangtu undang-undang.
10.  Roll play, hijij kagiatan nyarita anu dirojong hiji skenario.





Sumber: Haerudin, Dingding & Suherman, Agus. 2013. Panganteur Kaparigelan Nyarita. Bandung, Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI. Wahana Karya Grafika.
           

 













                                        

Komentar